Tuesday, January 9, 2018

Patalian Kuring jeung HP (Love Hate Relationship with Smartphone)

freepik

Baca sing tarik .... hareupeun sarerea.. sing alus intonasina

Teu kolot,teu ngora,teu lalaki,teu, awewe, mun geus nunda HP sakeudeung ge geuwat ditempo deui,ditutup sakeudeung dibuka deui, mamangkatan mawa hp,ngumpul jeung batur nyo'o hp,dina kantong eusina hp..eta we da mun diitung sapoena teh aya sugan 50 kali mah kaluar jeung kajerona tina kantong teh...😳😳
memaaaaaangg ...geus mandi nempo hp..keur sasapu nga hp..poho nyangu kalah nga hp..keur nyeuseuh nyetel hp..keur dahar nga hp..nyanghareupan tamu nga hp..hudang sare nempo hp..tengah peuting nga hp nyieun status..😞😞😞😞😞

pulsa tinggal saeutik deui buru2 meuli..Lowbatt sa setrip bingung buru2 neangan cocolok listrik..

Sinyal lemah bingung neangan posisi..komo mun geus lowbatt jaba listrik pareum.. tukang PLN dicarekan lak lak dasar pajar teh PLN koplok..beuh...πŸ˜€πŸ˜€πŸ˜€πŸ˜€πŸ˜€ digeroan ku kolot/salaki/istri api2 teu ngadenge ..tapi mun hp di sada langsung lumpat neangan hp dimana disimpenna ...Pokona asal tiap beres acara naon bae pasti nu diteangan teh hp..

Lamun awewe ngaranna mac iphone Binti Samsung
Lamun lalaki ngaranna Oppo Bin Lenovo.

Mudah2an Gusti Abdi sadaya teu katularan panyakit nu kitu...πŸ˜‚πŸ˜‚πŸ˜‚πŸ™πŸ™πŸ™

Nu ngarasa saperti kitu tong cengar cengir sorangan ...ke kolot/salaki/istrina jadi gagal faham keh ningali kalakuan urang...

DO'A
Gusti hapunten abdi ya Allah abdi teh gening :
1.seueur ngeusi pulsa batan sedekah
2. seueur muka Instagram..WA..FB..Twitter, youtube batan maos qur,an
3.seueur maen Tiktok batan amal sholeh 
4.seueur keneh nelpon batan silaturahim
5. ngeusi pulsa nu 10rb mh kurang keneh jang quota ge tapi ngeusian kotak amal mh asa gede teuing 2rb ge..
6.mun nguping hp disada langsung buru2 diangkat jeung cengar cengir,tapi pas adzan di masjid ngageroan kalahka nyantey we internetan

Ya ALLAH mugi gusti ngahapunten dosa abdi sareng dosana jalmi anu ngagaduhan hp ieu..
Mugia HP abdi sing nyandak manfaat kanggo sarana IBADAH ka gusti Ya Allah..

Aamiin..

Edisi nyindiran Diri..Hampura bisi aya nu kasindiran..da sarua kuring ge kasindiran..πŸ˜ƒ.
updated 2020