Sunday, October 16, 2011

Humor Sunda

Kokoro sakurata : jalma miskin pisan;
Taramahi sateko : jalma beuki nginum;
Tarasuka sareisha : tukang begadang;
Satoko kabayane : toko pakean sunda;
Kutasuka maru : awewe nu embung dicandung;
Akina takaya : akina geus maot;
Ayashima nagina : debt collector;
Yukari moto : tukang potret panggilan;
Migaru aisawa : tukang ngagaru disawah;
Yusuka makuda : kusir delman;
Seisha kaligata : jalma nu boga panyakit ateul;
Anusuka kashima : jalma sieunan;
Katara igana : jelema anu begang pisan;
Masutaka karineke : jalma anu sirahna botak;
Kagashuka koto : jelema berseka,resep kana kabersihan;
Akiko masinete : aki2 masih resep nyusu;
Awakamu kayanaga : jelema anu boga kasakit bau awak;
Aiku sukabasa : ahli bahasa;
Asakafuji : jalma pupujieun;
Sayuti sugitani : patani sayuran anu beunghar;
Kamisuka sato : resep ngingu sasatoan;
Saito ayami : tukang soto ayam;
Nikita sukanari : tukang tari;
Kitakasi mura : obral;
Diburamaru : pupujieun,maru keur nginum,dieleketek cangkengna nepi ka ngabura;
Karimake mukena : tos wudlu;
Kasura tayatanaga : leuleus lantaran kacugak;
Nusiga kaburasoto : jalma nu buukna kulimis;
Akimoto sato : aki2 keur motret sato